Tarucing Cakra Online
 
Béwara Pinunjul Pasanggiri Tarucing Cakra

Sakumaha nu tos dibéwarakeun ti méméhna, dina raraga miéling Poé Basa Indung Internasional 2008, Universitas Padjadjaran gawé bareng jeung Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) ngayakeun Pasanggiri Ngeusian Tarucing Cakra. Kagiatan pasanggiri, boh nu online (dina internét) boh nu dina jaringan lokal, tos dilaksanakeun kalayan lungsur-langsar.

A. Pasanggiri Ngeusian Tarucing Cakra Online
Ieu pasanggiri langsung dina internét. Pendaftaran ngawitan dibuka ping 15 Pébruari 2008, ditutup ping 18 Pébruari 2008. Nu ngiringan ieu pasanggiri, sadayana 89 patandang. Siga bakal leuwih réa deui nu miluan mun waktuna teu samporét mah.
Dina prungna pasanggiri, panitia méré waktu 12 jam (ti jam 00.00 nepi ka 12.00 dina tanggal 19 Pébruari 2008). Soal nu dieusian ku sakur patandang maké sistim random, hartina bisa jadi sawatara patandang mah soalna téh béda.
Dumasar kana aturan panitia, dina ngajén saha nu jadi pinunjul, dipeunteun ku benerna ngeusian jeung sabaraha lila ngeusianana. Unggal patandang dibéré 100 kotak eusianeun, unggal kotak dibéré poin 5. Hartina, mun bener kabéh, peunteunna 500. Mun aya patandang nu peunteunna sarua, kakara ditingal mana nu panggancangna ngeusian.
Sawatara patandang, aya nu laporan ka panitia, teu bisa miluan ku lantaran masalah konéksi internét. Dalah di kumaha, da ieu pasanggiri teu tiasa diundurkeun naon waé alesanana.
Program komputer nu ngajén ieu pasanggiri, geus nangtukeun pinunjulna nyaéta:

Djasépudin
Jl Sumatera No. 19 Bandung
Peunteunna 495

Minangka pinunjul kahiji, Djasépudin dilélér hadiah mangrupa télévisi berwarna. Neda hapuntenna, réhna panitia mung nyadiakeun kanggo pinunjul kahiji. Nanging aya hadiah pinunjul mangrupi buku-buku Sunda kanggo 3 pinunjul sanésna, di antawisna:

1. Asép Ganda Asikin, peunteunna 490.
2. Iskandar Adnan, peunteunna 485 (waktuna 1.457 detik).
3. Eka Hariyanto, peunteunna 485 (waktuna 1.806 detik).

Hadiah kanggo pinunjul kahiji, tos dipasrahkeun dina acara miéling poé basa Indung Internasional. Kanggo pinunjul sanésna, hadiah tiasa dicandak di Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung.

A. Pasanggiri Ngeusian Tarucing Cakra Guru Basa Sunda
Nu miluan ieu pasanggiri seueurna guru basa Sunda. Acarana tos dilaksanakeun dina acara Miéling Poé Basa Indung Internasional, di Grha Sanusi Hardjadinata, 21 Pébruari 2008. Nu daftar kana ieu pasanggiri sadayana 60 urang, tapi dina prungna mah sawatara guru teu bisa hadir.

Patandang Pasanggiri Tarucing Cakra

Nu kénging hadiah ieu pasanggiri téh nyaéta:

  1. Darpan, guru SMP Pakenjeng, Garut, kénging hadiah laptop.
  2. Endan Sukanda, guru SMA 3 Sukabumi, kénging hadiah TV 14".
  3. Risnawati, guru SMP 4 Subang, kénging hadiah HP CDMA plus nomor flexi.

Nu jadi sponsor kanggo hadiah téh PT Telekomunikasi Indonesia, Tbk.
Nurutkeun Réktor Unpad, Prof. Dr. Ganjar Kurnia, DEA, ieu kagiatan téh seja dimayengkeun saban bulan di http://tarucing.unpad.ac.id.


 
 
Tos siap? Mangga Login

Username
:
Password
:

   
Ngiringan Pasanggiri? Gampil...
» Klik Daftar
» Eusian formulir
» Cek email kanggo aktivasi
» Prung dina waktosna

   
Dadan Sutisna(c)2007